BAWAKALEM. “Panggeuing keur hate anu tibra sare, tawis kasono ka Indung anu tos dipundut kunu Gaduhna”
Anakiiing, anak Ema…
Kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna
Lembur nu beda jeung lembur urang baheula…
Anakiiing, anak incu Ema…
mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Ema, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula
Omat, tong angkaribung barang bawa
Sabab Ema, geus lain Ema nu baheula…
Do’akeun wae Ema ku aranjeun
Ayeuna Ema ngan butuh do’a ti aranjeun…
Anakiiing, kamelang Ema…
Mun hidep nyaah ka Ema, teu kudu bingung mulang tarima
Tapi cukup bejaan Ema;
Yen hidep geus jadi jalma sholeh, geus jadi hamba Alloh ahli ibadah
Bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridho Manteun-Na
Anakiiing…
Mun hidep nyaah ka Ema, cukup bejaan Ema;
Yen hidep nyaah ka Ema, hidep teh akur jeung dulur, runtut-raut sauyunan
Silih hargaan – Silih elingan – Silih tulung silih bantu
Gogonjakan jiga baheula
Anakiiing…
Pang bejakeun ka anak incu Ema;
Yen Ema nyaah ka hidep, nyaah ku lucuna, nyaah ku belana, nyaah ku sumanget na
Bejakeun ka kulawarga hidep;
Ema geus nepi ka nu dituju
Ema rek satia nungguan di dieu
Di hareupeun panto surga
Anakiiing, anak-incu Ema…
Ema hayang mere beja, nyambung beja anu baheula;
Nu manfaat di dieu, di alam baka, geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan
Tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa!
Ayeuna ku Ema geus karasa, geus karasa !!!
Karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat, karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga
Anakiiing, anak-incu Ema…
Ema nitip;
-Poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur
-Ulah sasar tapi kudu loba istigfar
-Ulah salah tapi kudu loba ibadah
Anakiiing…
Hampura Ema…
Ema sono ka aranjeun kabeh…
Meungpeung aya keneh di alam dunya, poma ulah tinggaleun sholat, ngaji Qur’an, ulah poho ka fakir miskin
Nulung kanu butuh, Nalang kanu susah
Ulah poho, du’akeun Ema tiap ba’da sholat
Sakitu surat ti Ema
Hampura Ema
Farhan Salman di 09.43
Selasa, 03 April 2018
Facebook Comments
